Caritakeun kumaha asal-usul sajak! (dina basa sunda)
B. Daerah
Jesiscaandriani
Pertanyaan
Caritakeun kumaha asal-usul sajak! (dina basa sunda)
1 Jawaban
-
1. Jawaban rahmimeilani03
Sajak nyaéta karya Fadilah Salim sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar[1]. Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur nyaeta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma [2]
Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa.[3] Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas,kungsi ogé disebut sanjak. Disebut bébas téh saenyana mah rélatif, nyaéta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu. Saenyana mah sajak ogé mageuhan kénéh rupa-rupa konpénsi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana. Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yén nu disebut sajak téh nyaéta karangan ugeran anu ngébréhkeun pangalaman batin panyajakna.[4]