B. Daerah

Pertanyaan

5 contoh kecap rajekan dwi madya

1 Jawaban

  • Lima contoh kecap rajekan dwi madya nyaeta sapeupeuting, sapopoĆ©, sababaraha, sajajalan, sadudulur. Kecap rajekan nyaeta kecap anu dirajek atawa disebut dua atawa tilu kali engangna atawa wangun dasarna. Salian ti dirajek engangna atawa wangun dasarna, aya oge kecap rajekan anu ditambahan ku rarangken, nyaeta ditambahan ku rarangken hareup atawa ditambahan ku rarangken tukang.

    Pembahasan

    Aya sababaraha rupa kecap rajekan, nyaeta Kecap Rajekan Dwi madya, Kecap Rajekan Dwi purwa, Kecap Rajekan Dwi lingga jeung Kecap Rajekan Tri lingga. Kecap Rajekan Dwimadya nyaeta kecap rajekan anu dirajek engang tengahna.

    Sedengkeun Kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta kecap rajekan nu dirajek engangna. Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni) jeung kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka). Kecap Rajekan Trilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon anu dimaksud kecap rajekan brainly.co.id/tugas/16020332
    • Conto kalimah tina kecap rajekan brainly.co.id/tugas/948238
    • Kecap rajekan nu merenah dina kalimah brainly.co.id/tugas/16619360

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Contoh kecap rajekan dwi madya

Pertanyaan Lainnya