B. Daerah

Pertanyaan

Contoh bubuka sareng panutup acara (b.sunda)

1 Jawaban

  • Bubuka sareng panutup acara nyaeta kalimah nu biasa aya atawa digunakeun dina hiji acara ku saurang panata acara. Panata acara atawa anu sok disebut oge MC nyaeta singkatan tina Master of Ceremony miboga tugas pikeun ngatur sarta mingpin lumansungna hiji acara, saperti acara papisahan, acara ulang taun, jeng sajabana ti eta. Dina sawala atawa diskusi oge aya anu mingpin acara nyaeta nu disebut panumbu catur atawa anu sok sering disebut oge moderator.  

    Pembahasan

    Dina basa Sunda, panata acara jeung panumbu catur teh kaasup kana jalma anu sok disebut oge girang acara. Salian ti panata acara, panumbu catur oge biasa sok ngagunakeun kalimah bubuka jeung kalimah panutup dina mingpin lumangsungna acara.  

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah bubuka jeung kalimah panutup nu biasa aya atawa digunakeun ku saurang panata acara atawa saurang panumbu catur:

    1. Bubuka: Bismillahirrahmanirrahim, Assalamualaikum Wr Wb. Ibu, bapa sareng saderek sadayana anu ku simkuring dipikahormat, alhamdulillah dina dinten anu sae ieu urang sadayana tiasa ngempel dina acara..... Supados urang tiasa ngalaksanakeun ieu acara kalayan lancar sareng henteu nyeepkeun seueur waktos, mangga acara ieu urang dikawitan.  
    2. Panutup: Pala hadirin, rupina urang sadayana parantos rengse ngalaksanakeun ieu acara kalayan tiasa lumangsung lancar, ti ngawitan dugi ka ayeuna. Kukituna mangga ka sadayana urang sasarengan maos hamdallah wirehna urang parantos tiasa ngalaksanakeun ieu acara sasarengan kalayan lancar, Alhamdulillah. Mugi urang sadayana tiasa tepang deui. Wassalamualaikum Wr. Wb.    

    Pelajari lebih lanjut

    • Panata acara https://brainly.co.id/tugas/3007496
    • Tugas panata acara https://brainly.co.id/tugas/12484577
    • Tugas girang acara https://brainly.co.id/tugas/13441091

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Girang Acara

    Bab : 1

    Kode : 9.13.1

    Kata Kunci : Bubuka sareng panutup acara

Pertanyaan Lainnya