B. Daerah

Pertanyaan

naon nu dimaksud depth news,reported,soft news,dan feature

1 Jawaban

  • Anu dimaksud depth news, reported, soft news jeung feature nyaeta rupa-rupa cara dina midangkeun warta. Warta nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener nyata atawa faktual. Data anu ditepikeun dina hiji warta dumasar kana data anu valid atawa bener jeung asli. Tempat jeung waktu anu ditepikeun dina warta oge jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, sarta eusi anu aya dina warta sipatna objektif.

    Pembahasan

    Di handap ieu dijentrekeun sacara jelas rupa-rupa cara midangkeun warta nyaeta depth news, reported, soft news jeung feature:

    1. Depth news nyaeta warta anu dipidangkeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan ku informasi faktual lianna anu aya patalina jeung eta kajadian  
    2. Reported atawa reportase nyaeta warta anu dipidangkeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan hasil panalungtikan atawa pangamatan sarta sumber tinulis anu jelas sangkan anu narima eta warta ngarasa sugema kana eta data anu lengkep.
    3. Soft news nyaeta warta hampang anu dipidangkeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi anu dipentingkeun teh nyaeta leuwih tina sisi kamanusaan nyaeta saperti ngajak mikir, ngarasa atawa empati kana eta kajadian  
    4. Feature nyaeta warta anu dipidangkeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi dilengkepan ku kasang tukang eta kajadian sarta dipidangkeun ku ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa pikeun anu narima eta warta, saperti rasa gumbira, sedih atawa oge humor

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu disebut warta brainly.co.id/tugas/4565352
    • Ciri-ciri warta brainly.co.id/tugas/1697045
    • Fungsi warta brainly.co.id/tugas/15935731

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XI

    Mapel : Bahasa Sunda - Warta

    Bab : 8

    Kode : 11.13.8

    Kata Kunci : Anu dimaksud depth news

Pertanyaan Lainnya