sebutkan unsur-unsur sajak dalam bahasa sunda.
B. Daerah
Hesti1503
Pertanyaan
sebutkan unsur-unsur sajak dalam bahasa sunda.
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Dina rumpaka saja aya dua unsur, nyaeta unsur lahiriah jeung unsur batiniah. Nu kaasup kana unsur lahiriah rumpaka sajak nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah jeung endah nyaeta saperti kecap-kecap nu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Sedengkeun nu kaasup kana unsur batiniah rumpaka sajak nyaeta unsur-unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Sajak mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, guguritan, mantra, pupujian jeung kawih.
Jadi sajak teh mangrupa wangun puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Sedengkeun umpama ditilik tina wangun rumpakana, sajak nyaeta wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi nu kaiket ku aturan jeung puisi nu teu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda nu teu kaiket ku aturan, salian ti sajak, nyaeta saperti mantra, pupujian jeung kawih.
Sedengkeun conto puisi Sunda nu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh. Sanajan sajak teu kaiket ku aturan, dina sajak aya unsur lahiriah jeung unsur batiniah nu bisa digunakeun pikeun dijadikeun panduan dina nyieun sajak atawa nganalisa eusi rumpaka sajak.